Minggu, 30 Januari 2011

BAHASA SUNDA 2

NGARAN WAKTU DINA BAHASA SUNDA

Wanci janari gedé
:
kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.

Wanci janari leutik
:
kira-kira tabuh 03.30 – 04.30

Wanci balébat
:
waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04.30)

Wanci carangcang tihang
:
wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04.30 – 05.00)

Wanci haneut moyan
:
waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)

Wanci rumangsang
:
waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)

Wanci pecat sawed
:
waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)

Wanci manceran/lohor
:
waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)

Wanci lingsir ngulon
:
waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)

Wanci panonpoé satangtung
:
± tabuh 15.00

Wanci tunggang gunung
:
panonpoé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00-17.00)

Wanci sariak layung
:
waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. (± tabuh 17.00 – 18.00)

Wanci sareupna
:
geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)

Wanci sareureuh budak
:
waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
Wanci tengah peuting
:
± tabuh 24.00

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More